Senin, 25 Oktober 2010

SILANG SIGEU

SILANG SIGEU
Ku : Mamat Sasmita



2003
Poe Minggu ngajak ulin budak ka toko buku, dumeh budak teh ti kamari ngaeh bae hayang buku catetan nu leutik nu kelirna kayas, teuing keur naon, da ditanya teh ukur nyebut keur catetan, atuh ku kuring diayunkeun kahayangna sakalian kuring ge rek neangan buku sejena.
Budak teh jigrah pisan, atuh basa di toko buku budak teh taralang tereleng kaditu kadieu kuring we nu rada kawalahan kudu nutur-nutur jeung mukaan buku bukuna anu ditunjuk, geuning behna mah lain ngan sakadar neangan buku catetan , tapi kalah neangan buku buku bacaan sejena, padahal mah macana ge can pati lancar.
Keur anteng ningalian buku buku, digigireun aya nu ngajanteng, awewe tengah tuwuh, ceuk rarasaan eta awewe teh ret deui ret deui ka palebah kuring, teuing ngahaja ningali ka kuring teuing ngan ukur rarasaan wungkul.
Teu kungsi lila aya nu nepak kana taktak…" Silang…?!"
Sajongjongan kuring ukur ngabigeu, bari panon mah mureleng ka eta awewe nu nepak kana taktak.
Dina hate nginget nginget deui kecap Silang, teu karasa kuring nembalan .." Sigeu…?".
Manehna seuri terus ngasongkeun leungeun,…kuring kumejot dina hate mah hayang ngagabrug manehna, tapi asa teu werat lamun kudu kitu teh, atuh kapan manehna teh awewe jeung apan aya ditempat anu rame, jeung ongkoh deuih aya budak nu keur colohok ningali ka kuring.
Enya disebut tengah tuwuh teh asa merenah pisan, buukna geus culcel huis, tapi dangdananana mah matak hookeun keur awewe saumurna mah, geura we buuk sok sanajan geus culcel huis tapi ari modena mah kaayeunakeun, enya ari make cindung mah tapi da ieu mah lain jilbab, ngan saukur disampaykeun, malah mimindengna mah eta cindungna teh nyampay we dina taktak, bajuna gombrang, make pantalon, kewes asa ningali dangdanan Indira Gandhi.
Sasalaman teh rada lila jeung terus silih keukeuweuk, …"Keur naon didieu…?" ceuk manehna, kuring seuri bari ngajawab.." Nya neangan buku atuh ma enya neangan emih kocok didieu…", manehna nyeuleukeuteuk, enya can poho kuring ge kabeukina kana emih kocok.
"Jeung saha..?!"..ceuk manehna deui.
"Jeung budak….!"
"Incu ieu teh….?"
Kuring teu pati ngawaro kana pananyana, kalah hayoh nitah budak supaya nyolongkrong munjungan "…Tuh salim heula ka Ua.."
"Nu bungsu ieu teh,…boga sabaraha budak teh,..mana indungna..!"
"Indungna mah di imah we, da tadi diajak teh mugen, majarkeun loba seuseuheun..!"
Kuring jeung manehna uplek ngobrol bari nutur nutur bujur budak milihan buku.
Beres babayar, kuring, budak jeung manehna, kaluar ti toko buku, enyaan manehna ngajak nyimpang ka tempat dahar anu ngajual emih kocok.
" Can robah kabeuki teh..!?" ceuk kuring..
Manehna ukur mesem.
Kuring rarat reret ningalian kana balanjaan manehna…"Meuli buku naon tadi..?"
"Teu meuli buku uing mah, meuli ieu we cet minyak…!"
"Euh…geuning jadi pelukis..?"
Manehna seuri ngaheuheu, "Lain,…ieu mah pesenan incu..!"
Resep ningali manehna ngadahar emih kocok anu cikruh nyuruputna atuh teu kaliwat seuhahna.
"Na geus boga sabaraha incu teh..?"
"Geus gede,…geus di SMP, lain ari ieu budak teh nu bungsu..?"
"Keur ayeuna mah nya cikal nya bungsu, da kakara hiji..!"
"Geuning ku irit..!?"
"Lain irit,….da nyieun mah geus ti bareto mula, ngan jadina nya kakara ieu.,…Geu,…kuring kawin teh meh geus dua puluh tilu taun, kosongna meh tujuh belasan taun, ayeuna ieu budak umurna tujuh taun jalan..!"
"Mintul meureun..!"
"Ah duka teuing, sakieu ge Alhamdulillah geus dipercaya boga budak..!"
Ari budak nu diomongkeun mah anteng we ngahenggoy emih kocok.
"Geu…ari didinya boga budak sabaraha…?"
"Wah budak mah loba ngan anu bener mah ngan tilu, malah geus boga incu ti anu bungsu…!"
"Geuning….na aya budak nu teu bener…!"
"Lain budak teu bener maksud teh budak asuhan, nya sasieureun sabeunyeureun ngilu mantuan barudak jalanan sina sarakola….!"
"Euhh…mulya kacida atuh…!"
Rada lila paheneng heneng. Kuring ngahenggoy emih kocok, sakali sakali mangnyusutkeun leungeun budak ku kertas tisu, da leungeuna baseuh, atuh manehna ge tonggoy kana mangkok emih kocok.
"Lang ari eta buuk teh disemir, asa angger bae siga kitu…?!"
"Alhamdulillah henteu, ieu mah asli atuh, teu wanoh kana ngaran semir buuk…!"
"Eta we asa angger keneh siga baheula, da kuring ge apal teh eta pedah ningali model buuk didinya, moal poho da kungsi nenget nenget ti palebah tukang…!"
"Ari uing mah enyaan kalinglap Geu ka didinya teh, mun seug didinya teu nanya tiheula, kuring mah moal apal..da eta geuning awak teh asa beuki meber…!"
Manehna ngaheuheu seuri.
"Sakieu mah awak teh geus rada ngorotan da opat taun kaliwat mah leuwih beurat, awak leuwih meber, awewe mah kakolotnakeun teh beuki beunghar, beunghar ku beurat awak…!"

Ngobrol di warung emih kocok teh teu lila, da budak noelan bae ngajak balik, sonona mah kacida jeung manehna teh, sanggeus silih bere nomer telepon jeung serelek (serat elektronik, email tea), terus papisah, manehna ngangkleung kana taksi, ari kuring jeung budak mah kana angkot we.

Peutingna mukaan email, muka email ti peuting teh aya sababaraha maksud, kahiji, ngoprek komputer teu kaganggu ku budak, kadua sugan we atuh bakal leuwih cepet da ari peuting mah kapan ngaranna ge peuting euweuh deui batur nu make, katiluna sugan we mayar telepona rada murah.
Serelek teh ngaburudul loba pisan pangpangna mah ti milis urangsunda, eta we da bulan september 2003 nepi ka opat rebuna sabulan teh, jeung geuning aya serelek ti panyeumpxxx@yahoo.com ke ti saha ieu da anyar teu boga babaturan siga kitu, sanggeus dibuka geuning ti Sigeu.
Ku kuring ngahaja di print, dicitak sangkan tumaninah macana, komo mun bari lalangkarakan.

From : panyeumpxxx@yahoo.com
To : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Inget baheula.

Lang…, ilaing nyaho teu, nulis ieu email teh uing bari bulucun, tadi kira kira jam dalapan peuting uing taranjang hareupeun eunteung satangtung, buuk teu disisiran, atuh beungeut ge teu dipoles ku wedak estu sahinasna, uing neuteup awak sorangan.
Lir keur maca kajujuran, unggal gurat dina awak mawa lacak tapak baheula, ti luhur tina unggal lambar buuk nepi ka tungtung kuku indung suku ting baranyay laku lampah nu inget ti jaman keur budak nepi ka ayeuna, lir pilem nu puter balik, aya nu gagancangan aya nu kacida launa, nepi ka tembres kalakuan ti bubuk leutikna nepi ka nu pangbadagna, kalan kalan kuring seuri, nyeungseurikeun kalakuan sorangan, teuing seuri naon ngarana bisa jadi seuri maur.
Palebah beuteung naha jadi ngabendeleh kieu, ting berehil tapi lain sepir, palebah pingping nu baheula luis teh ayeuna geus ledis, geus euweuh tapakna, nu aya nampuyakna daging nu teu puguh ujud.
Naha uing boga hak ngarasa era pedah awak siga kieu.. atawa naha uing kudu ngewa ka awak sorangan pedah ramijud, dina wujud identitas naon atuh ari uing..?
Loba sora nu ngomong ti ditu ti dieu majarkeun uing begang majarkeun uing gendut, naha bet nu ditempo teh ngan ukur wujudna wungkul, naha pedah urang teh keur dikepung ku deudeuleuan dina televisi, dina koran, majalah, gambar sisi jalan, dina tas, dina dompet ngan ukur awak, beungeut, naha ngan eta anu pang sohehna keur hiji identitas, jeung deui naha pedah uing awewe kalan-kalan sok aya nu ngan ukur ngadeukeutan pedah uing awewe, ngan ukur dijadikeun objek.
Meunang pan lamun uing ngabandingkeun awak jeung mangsa baheula keur meujeuhna ngora (lain, lain kuring haying ngora saumur-umur), keur jaman loba nu ngudag ngudag boh jajaka boh duda, malah aya nu pangkatna jendral. Uing wenang milih, nu jago karate awakna lempay ngalampanyat, atletis, ngeusi, nu pendek beke tapi mobilna dua weuteuh, nu kakara lulus kuliah, nu boga hotel, nu boga villa di Puncak.
Teuing kunaon maranehna ngudag ngudag, da uing tara tatanya, da sigana lamun bareng indit jeung uing, maranehna siga nu kacida bagjana, siga nu ngagondeng widadari meureun, saha nu teu nyaho ka si Non sakota kabupaten mah, si Non nu boga Mercy dina taun harita, awewe geulis ngora keneh sukses usaha.
Ningali awak dina eunteung, nahanya make jorojoy hayang difoto, difoto keur bulucun, hayang ngabandingkeun jeung awak jaman keur ngora, ngan hanjakal teu boga foto jaman keur budak bari bulucun aya ge foto keur umur tilu taun teu make baju, asana mah karek anggeus mandi difoto ku Bapa Almarhum, eta ge bari gegerewekan da embung mandi, dipaksa ku Mamah, ari ku Bapa kalah hayeuh dioconan, kitu dongeng Mamah, da ari kuring mah tong boro inget, ningali fotona ge teu beda we jeung ningali foto sejena jaman keur leutik.
Kulit beuteung ieu, nu kungsi luis, nu kungsi jadi paneuteup lalaki, waktu kuring ngojay di Hotel tilu puluh taun kaliwat, kulit beuteung ieu nu kungsi mendeyang reuneuh, kulit beuteung ieu kungsi….salingkuh.

Lang….ilaing nyaho teu, waktu uing nelepon ka ilaing, supaya ilaing datang ka Hotel, basa urang rek papisah tea, naon pangna uing ngajak papanggih di Hotel..di kamar 26, enya inget keneh da ngahaja neangan kamar nomer 26 teh ambih sarua jeung umur uing harita, sabenerna lain kamarna aya puluhan, tapi di lantai 2 kamar nomer 6.
Ilaing keketrok kana panto, terus uluk salam…"Assalamualaikum..!", uing harita hareugeueuen, naha kudu dijawab atawa ngan ukur mukakeun panto, uing nyaho lamun aya salam wajib dijawab, ngan asana geus lila tara ngucapkeun salam siga kitu, harita uing ngan ukur mukakeun panto.
Terus ilaing culang cileung neangan korsi keur diuk, nu terusna mah ilaing diuk dina kasur, enya kapan kamar hotel teh leutik, aya eta ge korsi mah tapi harita dieusian ku tas uing, jeung sababaraha buku, buku buku carita silat Cina.
Malah harita ge uing keur ngeukeuweuk buku nu judulna Telaga Darah, geuning ilaing nyerengeh bari ngomong…"Kahade buku eta mah eusina porno…"
Uing teu nembalan harita teh, da enya buku teh porno pas keur dibaca teh anu kituna pisan, puguh we rada era, terus buku teh dialungkeun, asana uing terus nyician cai herang kana gelas disodorkeun ka ilaing.
Lila ngobrol teh pan meh nepi ka jam dua welas peuting, ilaing terus amitan balik, sabenerna mah ku uing teh rek diajak mondok, rek diajak sare sagebrug
Teuing kunaon, uing ge da teu nyaho, ujug ujug jorojoy we aya niat kitu, teuing pedah uing geus lila rarandaan, dina hate uing teh rek mere kenangan ka ilaing atawa….teuing ah uing ge teu ngarti.
Tapi niat kitu teh teu werat diomongkeun, da ilaing hayeuh we ngajak ngobrol soal sajak-sajak jeung carita pondok nu kungsi ku uing dibacakeun waktu siaran, ari rek make tingkah provokatif hate teh asa teu merean, malah dina hate ngagerentes yen ilaing teh lalaki nu teu surti kahayang awwewe.
Sanggeus ilaing mulang, uing cunggelik sorangan, maca buku jadi teu nafsu, harita uing ceurik…henteu ari ceurik gagauran mah ngan ukur rambay cimata, ceurik pedah kunaon uing ge teu nyaho, ngan dina hate asa aya nu ngagerihan

Serelek ti Sigeu panjang ngagebay, ka beh handapna eusina loba ngadadarkeun pangalaman dirina, dina panungtungan serelekna manehna nulis :

Uing teh ayeuna geus loba incu, ti anu bungsu kakara borojol minggu kamari, awewe, lucu geulis. orok beureum keneh roroesan jeung ceurik, uing ge tangtu kitu, kungsi jadi orok beureum.
Lang…sabebenrna mah kabeh anak jeung incu ge eta anak tere, jeung incu tere, da uing mah teu kungsi boga budak, eta teh kabeh ge anak Si Jendral almarhum, ngan pedah ku uing kabeh budakna diurus, lantaran indungna meunang musibah waktu ngalahirkeun anu bungsu.
Geus ah urang geus tunduh rek sare heula, …sono euy hayang ngobrol deui siga baheula.

Kasubuhnakeun kuring nulis email jawaban keur Sigeu :

To : panyeumpxxx@yahoo.com
From : heuxxx@hotmail.com
Sent : 13 Okt 2003 22.43
Subject : Re:Inget baheula.

Geu….geus dikonci pantona..?
Alusna mah samemeh bulucun teh dikonci heula pantona, bisi ujug ujug aya ucing jalu asup kapan matak wegah akibatna, ucing jalu tea atuh sok kumahkar…eh nu kumahkar mah hayam rek ngendognya…., ucing jalu mah bisi ngarontok, nyakar, kapan aya sayang beurit lin...?!.
(heureuy ah…)
Mun teu salah aya nu kungsi nulis majarkeun "awak teh panjara" teuing panjara naon, aya oge anu nyebut awak teh mesin hasrat jeung aya oge nu nyebut diri……bae lah uing mah moal pipilueun ah kana palebah awak mah, da uing ge ayeuna kieu buktina, teuing boga awak teh naha goreng naha alus, nu leuwih penting mah asal sehat, kapan ceuk paribasa ge banda tatalang raga, raga tatalang nyawa.
Geu….nyaho teu…(nurutan didinya..), samemeh nulis ieu serelek teh uing ngambah heula dina internet, neangan gambar awewe nu umurna lima puluh genep taun bari.…bulucun…! na ari burudul teh geuning loba pisan nya…malah aya nu geus umurna dalapan puluh taun sagala….ambuing eta sayang beurit dina kelekna…..geus huisan…..!
Kabina bina nya, bet aya nu daek nembongkeun awak bari bulucun dina umur anu sakitu geus cueutna, enyaan dina internet mah sagala ge aya, abong kena disebut dunya maya, dunya virtual, dunya kabebasan anu alus saalus-alusna aya, nu goreng sagoreng-gorengna aya.

(Hampura Geu nya…uing geus nyipta nyipta awak didinya…ah teu jauh ti model nu ieu lah…..he he…aya huisan…bari kuring nelek-nelek hiji gambar awewe nu geus kolot nu keur bulucun..!!)

Samemeh poe kamari, kuring sakapeung sok ngawawaas jaman baheula, da anu kaimpleng teh hih…angger we didinya teh awewe geulis, ngora, lincah jeung pinter, implengan teh kakara robah poe kamari saprak panggih tea, enya asa ngagebeg geuning geus kolotnya umur teh, urang teu panggih teh aya kana tilu puluh tauna, lain waktu nu sakeudeung tah., urang teh geus jadi aki-aki jeung nini-nini. ( Geu…ari incu nyebutna naon…Nini, Ene, Eyang atawa Oma…ah ma enya nyebut Oma, kapan Oma mah tina basa Walanda lin..?)
Uing mah bulucun teh lamun keur mandi we, eta ge tara nelek-nelek awak sorangan, gebrus we mandi, lantaran lamun ditelek telek sok manggih nu matak kukurayeun (moal dijentrekeun naon nu matak kukurayeun teh bisi disebut buntut Oa…)
Geus ah, lila lila mah bisi jadi cawokah, sarua sono Geu…!

Si Belang tea.

Ti sanggeus ngirim serelek harita, pleng teu nampa deui serelek ti manehna,




 

0 komentar:

Posting Komentar